|
79.
SURAT AN-NAZI’AT |
|
|
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيمِ Kalayan
asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih |
|
|
Perhatikeun (bentang-bentang)
nu garancang pindahna |
وَالنَّازِعَاتِ غَرْقًا (1) |
|
Jeung perhatikeun
(bentang-bentang) nu salawasna pipindahan |
وَالنَّاشِطَاتِ نَشْطًا (2) |
|
Jeung perhatikeun
(bentang-bentang) nu maluter gancang pisan |
وَالسَّابِحَاتِ سَبْحًا (3) |
|
Tuluy (bentang-bentang) nu maluter
paheula-heula |
فَالسَّابِقَاتِ سَبْقًا (4) |
|
Jeung (bentang-bentang) nu
dipake ngatur urusan |
فَالْمُدَبِّرَاتِ أَمْرًا (5) |
|
(sing inget) poean genjlongna
bumi anu kacida tarikna |
يَوْمَ تَرْجُفُ الرَّاجِفَةُ (6) |
|
Ditema nu nuturkeunanan |
تَتْبَعُهَا الرَّادِفَةُ (7) |
|
Hate (jelema-jelema) poe eta
kacida geumpeurna |
قُلُوبٌ يَوْمَئِذٍ وَاجِفَةٌ (8) |
|
Panenjona tarungkul alum |
أَبْصَارُهَا خَاشِعَةٌ (9) |
|
Maranehna nyarita: “Naha urang
rek dibalikeun deui kana kayaan saasal; |
يَقُولُونَ أَإِنَّا لَمَرْدُودُونَ
فِي الْحَافِرَةِ (10) |
|
Nalika urang geus jadi
tulang-taleng nu raremek?” |
أَإِذَا كُنَّا عِظَامًا نَخِرَةً (11) |
|
Maranehna nyarita deui:”Ana
kitu mah, pangbalikan nu matak rugi.” |
قَالُوا تِلْكَ إِذًا كَرَّةٌ
خَاسِرَةٌ (12) |
|
Tapi saestuna eta mah jeritan
nu ngan sakoceak |
فَإِنَّمَا هِيَ زَجْرَةٌ وَاحِدَةٌ
(13) |
|
Dadak sakala maranehna aya
deui di luhur bumi |
فَإِذَا هُمْ بِالسَّاهِرَةِ (14) |
|
Naha kamaneh geus kawartikeun
lalakon Musa? |
هَلْ أَتَاكَ حَدِيثُ مُوسَى (15) |
|
Nalika Pangerana cumeluk ka
manehna di lengkob suci (nu katelah) Thuwa |
إِذْ نَادَاهُ رَبُّهُ بِالْوَادِ
الْمُقَدَّسِ طُوًى (16) |
|
Jung gera indit maneh ka
Fir’aun, lantaran manehna geus murba wisesa |
اذْهَبْ إِلَى فِرْعَوْنَ إِنَّهُ
طَغَى (17) |
|
Pok caritakeun ka manehna:
“Naha andika hayang jadi suci?” |
فَقُلْ هَلْ لَكَ إِلَى أَنْ تَزَكَّى
(18) |
|
Jeung naha andika daek
dituduhkeun ka Pangeran andika sangkan andika aya kasieun? |
وَأَهْدِيَكَ إِلَى رَبِّكَ فَتَخْشَى
(19) |
|
Tuluy Musa mintonkeun ayat
(mujijat) nu gede ka manehna |
فَأَرَاهُ الْآيَةَ الْكُبْرَى (20) |
|
Tapi (Fir’aun) ngabohongkeun
jeung bahula |
فَكَذَّبَ وَعَصَى (21) |
|
Tuluy manehna nukangan, gejlig
indit |
ثُمَّ أَدْبَرَ يَسْعَى (22) |
|
Ngumpulkeun (rahayatna) sarta
susumbar |
فَحَشَرَ فَنَادَى (23) |
|
Pokna: “Nya kami pangeran
maraneh anu linuhung!.” |
فَقَالَ أَنَا رَبُّكُمُ الْأَعْلَى
(24) |
|
Ku kituna Allah nyiksa manehna
ku siksaan akherat jeung dunya |
فَأَخَذَهُ اللَّهُ نَكَالَ الْآخِرَةِ
وَالْأُولَى (25) |
|
Saestuna dina perkara eta the
jadi pangajaran keur sing saha anu wedi (ku Allah) |
إِنَّ فِي ذَلِكَ لَعِبْرَةً لِمَنْ
يَخْشَى (26) |
|
Naha maraneh mahluk anu leuwih
hese di yugakeunana batan langit, padahal Anjeuna geus ngadegkeunana? |
أَأَنْتُمْ أَشَدُّ خَلْقًا أَمِ
السَّمَاءُ بَنَاهَا (27) |
|
Anjeuna geus nanjeurkeun
adeganana tuluy nyampurnakeunana |
رَفَعَ سَمْكَهَا فَسَوَّاهَا (28) |
|
Jeung Anjeuna ngajadikeun
poekna peuting jeung caang-ngemprayna beurang |
وَأَغْطَشَ لَيْلَهَا وَأَخْرَجَ
ضُحَاهَا (29) |
|
Jeung sanggeus kitu, Anjeuna
ngamparkeun bumi |
وَالْأَرْضَ بَعْدَ ذَلِكَ دَحَاهَا
(30) |
|
Jeung tidinya dikaluarkeun
caina jeung jujukutanana |
أَخْرَجَ مِنْهَا مَاءَهَا
وَمَرْعَاهَا (31) |
|
Jeung di jungkirkeun gunung-gunungna |
وَالْجِبَالَ أَرْسَاهَا (32) |
|
Keur bekel maraneh katut
ingon-ingon maraneh |
مَتَاعًا لَكُمْ وَلِأَنْعَامِكُمْ
(33) |
|
Nya upama tumiba kaributan nu
rongkah |
فَإِذَا جَاءَتِ الطَّامَّةُ
الْكُبْرَى (34) |
|
Dina poean manusa aringeteun
kana sagala anu geus dilampahkeunana |
يَوْمَ يَتَذَكَّرُ الْإِنْسَانُ مَا
سَعَى (35) |
|
Sarta ditembongkeun naraka
pikeun jalma nu hayangeun nenjo |
وَبُرِّزَتِ الْجَحِيمُ لِمَنْ يَرَى
(36) |
|
Sing saha nu doraka ngaliwatan
wates wangen |
فَأَمَّا مَنْ طَغَى (37) |
|
Turta ngutamakeun kahirupan
dunya |
وَآثَرَ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا (38) |
|
Saestuna nya Jahannam geusan pangbalikanana |
فَإِنَّ الْجَحِيمَ هِيَ الْمَأْوَى
(39) |
|
Jeung sing saha nu wedi ku
kaluhungan Pangeranna, sarta ngaraksa dirina tina hawa napsu |
وَأَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِ
وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوَى (40) |
|
Saestuna, nya sawarga geusan
pangbalikanana |
فَإِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأْوَى
(41) |
|
Maranehna baris nanyakeun ka
maneh (Muhammad) iraha bakal kajadianana kiamat |
يَسْأَلُونَكَ عَنِ السَّاعَةِ
أَيَّانَ مُرْسَاهَا (42) |
|
Kumaha bisana maneh
nerangkeunana |
فِيمَ أَنْتَ مِنْ ذِكْرَاهَا (43) |
|
Ngan Pangeran maneh, nu uninga
pamustunganana |
إِلَى رَبِّكَ مُنْتَهَاهَا (44) |
|
Maneh mah ngan tukang
ngawawadian jalma-jalma nu sarieuneun (ku kiamat) |
إِنَّمَا أَنْتَ مُنْذِرُ مَنْ يَخْشَاهَا
(45) |
|
Dina mangsa maranehna nenjo
kiamat tea, pangrasana teu kungsi hirup di dunya, anging sapeuting atawa
sapoe bae |
كَأَنَّهُمْ يَوْمَ يَرَوْنَهَا لَمْ
يَلْبَثُوا إِلَّا عَشِيَّةً أَوْ ضُحَاهَا (46) |

Post a Comment
Post a Comment