بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيمِ
|
عَمَّ يَتَساءَلُونَ (1) |
|
Tina perkara
naon maranehna silih tanya? |
|
عَنِ النَّبَإِ الْعَظِيمِ (2) |
|
Tina perkara beja anu gede |
|
الَّذِي هُمْ فِيهِ مُخْتَلِفُونَ (3) |
|
Beja anu ku maranehna disawalakeun |
|
كَلاَّ سَيَعْلَمُونَ (4) |
|
Ulah kitu! Engke oge maranehna
bakal nyarahoeun |
|
ثُمَّ كَلاَّ سَيَعْلَمُونَ (5) |
|
Tuluy, ulah kitu! Engke oge
maranehna bakal nyarahoeun |
|
أَلَمْ نَجْعَلِ الْأَرْضَ مِهاداً (6) |
|
Naha lain kami geus ngajadikeun
ieu bumi lir amparan anu lega? |
|
وَالْجِبالَ أَوْتاداً (7) |
|
Jeung gunung-gunung minangka
paseukna? |
|
وَخَلَقْناكُمْ أَزْواجاً (8) |
|
Jeung kami ngayugakeun
maranehna sajodo-sajodo |
|
وَجَعَلْنا نَوْمَكُمْ سُباتاً (9) |
|
Jeung kami ngajadikeun sare maraneh
pikeun ngareureuhkeun kacapi |
|
وَجَعَلْنَا اللَّيْلَ لِباساً (10) |
|
Jeung kami ngajadikeun peuting
minangka pakean |
|
وَجَعَلْنَا النَّهارَ مَعاشاً (11) |
|
Jeung kami nagajdikeun beurang
pikeun nyiar pangupa jiwa |
|
وَبَنَيْنا فَوْقَكُمْ سَبْعاً شِداداً
(12) |
|
Jeung kami geus ngajadikeun
luhureun maraneh pirang-pirang planit nu rohaka |
|
وَجَعَلْنا سِراجاً وَهَّاجاً (13) |
|
Jeung kami geus ngajadikeun
lampu anu kacida caangna (srangenge) |
|
وَأَنْزَلْنا مِنَ الْمُعْصِراتِ مَاءً
ثَجَّاجاً (14) |
|
Jeung Kami geus ngucurkeun
hujan tina mega nu ngandung cai |
|
لِنُخْرِجَ بِهِ حَبًّا وَنَباتاً (15) |
|
Pikeun kami nuwuhkeun sisikian
jeung tutuwuhan ku eta cai |
|
وَجَنَّاتٍ أَلْفافاً (16) |
|
Jeung kebon-kebon anu salubur |
|
إِنَّ يَوْمَ الْفَصْلِ كَانَ
مِيقَاتًا (17) |
|
Saestuna poe papasten the hiji
mangsa anu ditangtukeun |
|
يَوْمَ يُنْفَخُ فِي الصُّورِ
فَتَأْتُونَ أَفْوَاجًا (18) |
|
Dina poean ditiupna
sangkakala, maraneh baris dating ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut |
|
وَفُتِحَتِ السَّمَاءُ فَكَانَتْ
أَبْوَابًا (19) |
|
Jeung langit bakal dibuka jadi
sababaraha lawing |
|
وَسُيِّرَتِ الْجِبَالُ فَكَانَتْ
سَرَابًا (20) |
|
Jeung gunung-gunung baris
dimusnahkeun nepi kajadi sarab (faramorgana) |
|
إِنَّ جَهَنَّمَ كَانَتْ مِرْصَادًا
(21) |
|
Saestuna naraka Jahannam the
disadiakeun |
|
لِلطَّاغِينَ مَآبًا (22) |
|
Pikeun mulangna jalma-jalma nu
bahula |
|
لَابِثِينَ فِيهَا أَحْقَابًا (23) |
|
Anu baris tetep-tumetep di
dinya sababaraha huqub (saendeng-endeng) |
|
لَا يَذُوقُونَ فِيهَا بَرْدًا وَلَا
شَرَابًا (24) |
|
Di dinyana moal ngarasa tiis
jeung taya inumeun |
|
إِلَّا حَمِيمًا وَغَسَّاقًا (25) |
|
Salian ti cai ngagolak jeung
getih katut nanah |
|
جَزَاءً وِفَاقًا (26) |
|
Mangaka wawales nu sabobot |
|
إِنَّهُمْ كَانُوا لَا يَرْجُونَ
حِسَابًا (27) |
|
Saestuna maranehna teu miharep
kana hisab (balitungan amal) |
|
وَكَذَّبُوا بِآيَاتِنَا كِذَّابًا
(28) |
|
Jeung maranehna ngabohongkeun ayat-ayat
kami enya-enya |
|
وَكُلَّ شَيْءٍ أَحْصَيْنَاهُ كِتَابًا
(29) |
|
Padahal saban perkara (amala)
ku Kami geus dikumpulkeun dina kitab |
|
فَذُوقُوا فَلَنْ نَزِيدَكُمْ إِلَّا
عَذَابًا (30) |
|
Ku kituna pek gera rasakeun; jeung
kami moal nambahan naon-naon salian ti siksaan ka maraneh |
|
إِنَّ لِلْمُتَّقِينَ مَفَازًا (31) |
|
Saestuna pikeun jalma-jalma nu
takwa the kauntungan |
|
حَدَائِقَ وَأَعْنَابًا (32) |
|
Kebon-kebon katut anggur |
|
وَكَوَاعِبَ أَتْرَابًا (33) |
|
Jeung Mojang-mojang ngora nu
sapantar |
|
وَكَأْسًا دِهَاقًا (34) |
|
Jeung lumur-lumur nu parinuh
ku inumeun |
|
لَا يَسْمَعُونَ فِيهَا لَغْوًا وَلَا كِذَّابًا
(35) |
|
Di dinya maranehna moal
ngadenge omong kosong jeung bohong |
|
جَزَاءً مِنْ رَبِّكَ عَطَاءً حِسَابًا
(36) |
|
Minangka pamulang ti Pangeran
maneh, sih pangasih sacukupna |
|
رَبِّ السَّماواتِ وَالْأَرْضِ وَما
بَيْنَهُمَا الرَّحْمنِ لَا يَمْلِكُونَ مِنْهُ خِطاباً (37) |
|
Pangeran nu murbeng langit
jeung bumi katut saniskara nu aya diantarana, Nu Maha Murah, taya nu wasa
unjukan ka Anjeuna |
|
يَوْمَ يَقُومُ الرُّوحُ
وَالْمَلائِكَةُ صَفًّا لَا يَتَكَلَّمُونَ إِلاَّ مَنْ أَذِنَ لَهُ الرَّحْمنُ
وَقالَ صَواباً (38) |
|
Dina poean roh (Jibril) jeung
malaikat ngadeg ngabaris, taya nu wasa unjukan salian ti anu dipaparin widi
ku Pangeran Nu Maha Murah, jeung nu ngomongna bener |
|
ذلِكَ الْيَوْمُ الْحَقُّ فَمَنْ شاءَ
اتَّخَذَ إِلى رَبِّهِ مَآباً (39) |
|
Eta the poe anu haq (bener),
sing saha anu miharep prak geura milih tempat mulang ka Pangeranna |
|
إِنَّا أَنْذَرْناكُمْ عَذاباً
قَرِيباً يَوْمَ يَنْظُرُ الْمَرْءُ مَا قَدَّمَتْ يَداهُ وَيَقُولُ الْكافِرُ
يا لَيْتَنِي كُنْتُ تُراباً (40) |
|
Saestuna Kami ngawawadian
maraneh ku siksaan anu deukeut, dina poean manusa nenjo saniskara anu geus
dipigawe ku dua leungeunna; jeung jelema kapir baris: “Hayang teuing kaula
jadi taneuh.” |

Post a Comment
Post a Comment