keun jadi pangeran. Di hareupeun para ponggawana manchn nyarita: "Yeuh dewek teh Pangeran maranch nu pangluhur-luhurna." Kitu tah dina ayat 24. Ku sabab eta manchna dikerebekkeun ka dasar laut jeung di aherat bakal disiksa sabeurat-beuratna sakumaha nu kaungel dina ayat 25. Sakali deui, ieu teh pieunteungeun jeung pang geuing pikeun ummat nu isin jeung sieun ku Gusti. Sakumaha gagah manggulang-manggulingna oge manusa mah moal aya nu bisa ngalawan malakalmaut. Sanajan urang jadi doktor nu geus kaceluk ka awun awun kawentar ka mancanagara mustahil bisa manjangan umur. Teu aya nu gagah, teu aya nu pinter ari geus nepi ka titis tulis ti azali mah teu sakara-kara. Nu umurna 150 taun ge bihcung aya, sedeng sapoe di alam aherat mah sarua jeung 50.000 taun. Kumaha mun disiksa 10 poc, 100 poc, 1000 poc, pek kalikeun kana 50.000 taun? Lamun disiksa 1000 taun, sarua jeung 1000 x 365 x 50.000 taun, na'udzu billaahi min dzaalik.
Sakumna ummat manusa nu hirup di alam dunya aya dina kolong langit. Langit teh lega ambahanana katurug-turug pirang pirang lobana. Manusa nu sakumaha lobana oge teu bisa minuhan kolong sahiji langit. Ngawangun deui langit jeung marcapada sang geus kiamat kubra pikeun Nu Maha Kawasa mah teu jadi kasulitan, mana komo ngahudangkeun manusa ti alam kubur naon hesena. Manusa dijieun tina taneuh, ari langit dijieun tina naon? Tapi ayeuna ku urang bisa dibuktikeun sacara 'ainal-yaqin. Kumaha buktina sacara haqqul-yaqin teu bisa kahontal ku akal, wallaahu 'alam. Mangga lenyepan ayat 27 nepi ka ayat 33. Tuh melengkung siga payung tur mulus, kana naon digantungkeunana, geus sabaraha juta tam umurna, tapi naha teu aya nu retak sacutik oge? Sedeng urang nyieun langit bobohongan ge di jero imah, geuning tara kuat lila, nungtutan bobo, malah sanajan dijieun tina beton oge ari katinggang bom mah teu weleh ancur. Kolong langit tata surya urang dicaangan ku hiji panonpoc. Kumaha pangna panonpoe teh seuncuan, ku naon hurungna, naha teu pareum-pareum? Bentang-bentang jarah nu mangpirang-pirang pating kalayang di awang-awang, bulan nguriling an marcapada, marcapada muter bari ngurilingan panonpoe, balukar na timbul beurang jeung peuting, caang pasclang jeung peteng, tibeurang usaha tipeuting leleson. Ieu teh kabeh ge nurutkeun sunnatullaah. Dina surat al-Baqarah ayat 117, dawuhan Gusti Allah, kieu unggelna (badi ussamaawaati wal ardhi)=Mantenna ngayuga langit jeung bumi tanpa conto. Terus dina ayat 29: (huwalladzai khalaqa lakum maa fil ardhi jamii'an) = Nya Mantenna nu ngayuga saniskara nu aya di marcapada, tah eta teh kabeh keur maraneh. Jadi memeh Gusti Allah ngalungsurkeun Nabi Adam jeung Hawa, marcapada geus aya leuwih tiheula malah geus dicusian ku rupa-rupa kaperluan pikeun tatali hurip, kayaning cai, tutuwuhan jeung sasatoan saperti nu kaungel dina ayat 31. Tutuwuhan teh ngahasilkeun pidahareun manusa jeung ingon-ingon. Aya nu ngahasilkeun beubeutian, kem bang jeung buah. Daunna aya nu dipake lalab jeung parab ingon ingon. Aya nu dimanfaatkeun kulitna, geutahna jeung kaina. Aya nu dijieun kadaharan, inuman, obat-obatan, bahan pakcan jeung rupa-rupa parabot rumah tangga. Kitu mun rada dipanjangkeun mah ungeling ayat 33 teh. Upama ku urang dibandingkeun antara ngayuga manusa jeung ngayuga marcapada, pasti bakal kasawang yen ngayuga marcapada leuwih beurat batan ngayuga manusa, komo deui ngayuga langit nu kacida pirang-pirangna, ieu mah pangbeurat-beuratna. Kitu upama diukur ku akal pikiran urang. Tapi pikeun Gusti Allah mah teu aya nu hese, teu aya nu beurat. Ngayuga langit jeung marcapada no tadina teu acan aya cukup ku "kun fayakuun." Atuh ngayuga deui manusa tina tulang-taleng nu aya di alam kubur pasti leuwih gampang jeung hampang.
Engke sanggeus dihudangkeun ti alam kubur, jalma-jalma nu wangkelang di alam dunyana, bakal pinanggih jeung kacilakaan nu kacida rongkahna. Dina waktu dikumpulkeun di Padang Mahsyar nu panas moreret taya papadana, jalma-jalma nu baroga dosa bakal ngarasa lain saukur harcudang tapi lir ibarat dibeuleum dina ruhak nu ruhay kacida. Tah harita maranehna bakal aringet kana tingkah lakuna di alam dunya. Kaduhung sagede gunung geus hirup ngagugu napsu. Harita inget kana kasarakahan ngudag-ngudag dunya barana nu diharamkeun, hasil korupsi, babadog, rarampog, pungli, meres jeung nipu. Ras inget deui kana kawangkelangan sok mabok, sok jinah, sok mitnah, sok sawenang-wenang, sok hiri dengki jeung taka bur; tara shalat, tara puasa, tara mayar zakat jeung tara daek tulung tinulungan. Dina poc éta mah sagala rupa kasalahan kabaca nepi ka bubuk leutikna. Hanjelu numbuk di wuku, hanjakal ninggang di mangsa, breh nembongan nu pang dipikarisina, naraka marakbak ruhay burial beureum burial hideung, matak keueung matak ketir matak muriding bulu punduk. Siga nu cacalangapan calawak gede kacida, letahna ulal-clol lir oray cueuleungeungan, matana burial buncelik badis saperti nu rek neureuy buleud. Tah ieu geusan mulang mu wangkelang, nu hirup ngaberung ngalajur napsu, nu mabok harta jeung kakawasaan nepi ka teu ngalarung anu burung teu nyesakeun anu edan, teu tolih batal jeung haram ngumbar sahwat pikeun ngudag kasenangan dunyawiyah. Kitu ungeling ayat 34 nepi ka ayat 39.
Sabalikna ti kaom kafirin nya eta kaom muttaqin nu sarieuneun kacida meunang bebendon Gusti Nu Maha Suci. Maranchna taya kendatna taqarrub ka Nu Maha Kawasa, satincak saparipolah make jeujeuhan halal jeung haram. Sanajan pikabitacun atawa piuntung cun, lamun haram ku maranehna tara disorang, maranehna mereket. keun manch dibelaan kekerehet batan ngarempak papagon. Pikeun maranehna disadiakeun sawarga wawales ti Nu Maha Rahman Rahim. Kitu ungeling ayat 40 jeung 41.
Turunna ayat 42 nepi ka 46 aya tumalina jeung pertanyaan urang Quraesy Jahiliyah nu ditujukeun ka Rasulullah saw maksudna taya lian iwal ti hayang ngaheureuykeun, pokna teh: "Muhammad, cik bejakeun iraha datangna kiamah teh?" Nya harita dijelaskeun yen moal aya nu nyaho sabab kiamah teh rasiah Gusti Allah, ngan Man tenna nu uninga da Mantenna pisan nu netepkeun iraha-irahana ge. Sedeng Galunggung, laut genjlong galura umpal-umpalan, tah harita mah taya nu sompral ngalaga siga lalanang jagat, taya nu songong heuras genggerong, taya nu takabur adigung ku payung butut, sakumna jalma nu wangkelang ka Nu Maha Kawasa ngarasa sumpeg jeung baluweng. Keur ngeunah-ngeunah ngalajur napsu rek nganggeuskeun proyek itu proyek ieu, memeres bungalow, nyieun lapang golf, nyieun tempat disko jeung sajaba ti eta, sagala harepan jeung cita-cita bolay dadak Jumadak. Keur meujeuhna betah suka bungah, can seubeuh ngumbar kahayang malah rarasaan mah hirup teh kakarek cikeneh, ayeuna kabur pangacian disakalikeun malah teu majar kumaha kudu nyang hareupan bahla nu rongkah taya papadana bari taya jalan geusan baha. Rasulullah saw mah darma ngemban timbalan sangkan ngadugikeun warta ngeunaan kiamah ka balarea, rek percaya sukur rek nolak kumaha dinya da cukeurna ieuh. Rek ngandel rek henteu, engke mun geus cunduk kana ugana, langit digulungan, gunung gunung pating beledug, alancur nepi ka ngeprul lir lebu gunung.
Post a Comment
Post a Comment