Para mufasir beda-beda pahamna dina ngama'naanالنازعات(an-naazi'aat), aya nu nyebutkeun malaikat, bentang-bentang jeung bala tentara nu narajang. Malah aya nu nyebutkeun naon bae nu bisa nyabut kalayan gancang kacida. Tapi lolobana nyebutkeun malaikat. Sim kuring gaduh pamadegan yen pikeun urang susah netepkeun nu mana-manana kalayan pasti, tapi malar gampang di dieu rek disebutkeun malaikat bae. Gerakan para malaikat teh kacida gancangna lir kilat tatit da kapan diyugana ge tina cahaya. Pindah ti hiji tempat ka tempat sejen dina ngemban timbalan Nu Maha Kawasa ngan sakilat sakilat. Malaikat Maut ngan sakecap geus nepi ka jelema nu kudu dicabut nyawana.
Malaikat Mikail dina ngatur cakrawala kacida tangginasna, nya kitu deui Malaikat Jibril kesit luar biasa dina ngemban timbalan ngadugikeun wahyu ka para Rasul. Upama di maksud ku an naazi'aat teh para malaikat, ayat I ngandung ma'na yen Malaikat Maut nyabut nyawa golongan aththaghuun kalayan jalan kasar, jeung ayat 2 ngandung harti yen nu dicabut nyawana lalaunan teh nya eta kaom mu'minin. Dina ayat 3, 4 jeung 5 nya eta para malaikat nu kacida kesitna dina ngalaksanakeun pancenna, boh nu nepikeun wahyu, boh nu rek nyabut nyawa jeung nu ngatur cakra wala. Marcapada nurutkeun panaksen sacara 'ainal yaqin lir ibarat amparan pramedani rada karendu, sabagian menjekul sabagian ngahclob, darat jeung sagara pasclang-seling, kaendahan jeung ka kaayaanana jadi papaes rupa-rupa tulisan make basa rineka sastra. Engke dimana geus cunduk kana ugana bakal genjlong sajajagat dibarung ku sora pating jelegur handaruan. Tah ieu teh kila-kilana kiamat kubra. Reureuh rintakan kahiji disusul ku rintakan kadua, kitu ungeling ayat 6 jeung ayat 7. Geumpeur, keueung jeung sieun geus teu puguh rasak cuncunana, hamo bisa dircka ku basa. Kolot budak pating jarerit matak ketir kareungeuna. Rek nyingcet nyingcet ka mana, rek lumpat lumpat ka mendi da alam dunya nu upluk aplak teh harita mah saaub payung sacaang damar ge henteu, malah sasatna teu aya sakalicun nincak-nincak acan. Jalma-jalma nu tadina pating pedengkreng nulak cangkeng bari muril-muril kumis, harita mah henteu daya teu upaya, ngarumpuyuk lir hasiwung kaibun, ngeruk bari sesegruk. Tah harita mah indung bener-bener poho ka anak nu tadina diengkleung dipusti-pusti. Kitu kaayaan danget harita nu ditutup ku ayat 9. nu dimaksud. Kitu mun diringkeskeun kaayaan manusa engke upama gunung geus urug sagara geus bedah, dibejakeun ti anggalna malar urang taki taki, tapi ari nu hirup ngaberung nuturkeun pangajak napsu batan hariwang kalah ka nangtang pokna teh: 'Ceuk saha nu pach mah geus jadi tulang-taleng bakal bisa hudang deui. Geus paehSanggeus kitu jarangji rek takwa ka Nu Maha Kawasa. Malah dina ganti taun mah sok paridato: "Mari kita buka lembaran baru. Malah aya nu ingrisan sagala, pokna teh: "Let us turn over a new leaf." Ari maksudna mah sarua, nya eta jangji rek meresihan diri, ninggal keun jalan batal pindah ka jalan hak, tapi kumaha kanyataanana? Jangji sore teu kapake isuk. Ganti taun teh kasarakahan lain suda malah tambah meuweuh. Mangga lenyepan ayat 10, 11 jeung 12.
Pikeun ngahudangkeun tulang-taleng sina paung janggelek deui balik ka asal cukup ku ngahoangna hatong sakali, atawa ku neretetna sora tarompet sakali, nu ditiup ku Malaikat Israfil. Rek disebut sangkakala meunang, rek disebut tarompet meunang, rek disebut sirine meunang, tapi sorana ngageleger tarik kacida. Sakali cukup, kabeh pating kuniang kalaluar ka bumi, tapi lain bumi nu ayeuna, jeu mah nu aya di alam aherat, da nu aya di alam dunya mah geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Kitu tafsir ungeling ayat 13 jeung 14.
Ti ayat 15 nepi ka ayat 26 Gusti Allah ngelingan urang supaya ulah mopohokeun naon-naon nu tumiba ka Fir'aun. Kisah Fir'aun kaungel dina sababaraha surat nu geus kaliwat saperti dina al-Baqa rah, Ali Imran, al-A'raaf jeung al-'Anfal. Dina waktu nu geus kaliwat kurun Nabi Musa teh panglilana ti sakabeh kurun babakuna nu ka wengku ku Millata Ibrahim. Dina kurun ieu loba pisan kalakuan manusa nu minculak, di antarana kalakuan Fir'aun jeung kanca mitrana. Mindengna ditonjolkeun kajadian-kajadian dina kurun Nabi Musa teh taya lian iwal ti panggeuing pikeun urang kumaha balukar na nu tumiba ka jalma-jalma nu basangkal di antarana nu karandapan ku Fir'aun sapara kancana.
Waktu Musa jeung kulawargana miang ti Madyan nuju ka Mesir, dina hiji peuting anjeunna ningali aya seuneu enyay-enyayan dina gawir G.Thursina. Ku anjeunna disampeurkeun. Tempat ieu teh katelahna lengkob Thuwa. Dadaksakala anjeunna nguping nu nga gentraan, aya sora tam katingalan. Tah harita anjeunna diangkat jadi Nabi jeung Rasul, terus dipaparin dua mujizat sakumaha nu geus dipedar ti heula. Anjeunna ngemban timbalan pikeun ngayakeun da'wah ka Raja Fir'aun nu liwat saking kufurna nepi ka wani ngaku mah habis perkara, cik buktikeun saha nu geus balik deui ti kubur?" Sawatara urang ti antara maranehna sakapeung siga percaya saka peung henteu. Lamun keur percaya, ras inget kana dosa, pok nyarita: "Upama enya urang teh bakal balik deui ka asal, dihudangkeun ti alam kubur, bener-bener urang bakal jadi jelema nu rugi kacida."
Sanggeus kitu jarangji rek takwa ka Nu Maha Kawasa. Malah dina ganti taun mah sok paridato: "Mari kita buka lembaran baru. Malah aya nu ingrisan sagala, pokna teh: "Let us turn over a new leaf." Ari maksudna mah sarua, nya eta jangji rek meresihan diri, ninggal keun jalan batal pindah ka jalan hak, tapi kumaha kanyataanana? Jangji sore teu kapake isuk. Ganti taun teh kasarakahan lain suda malah tambah meuweuh. Mangga lenyepan ayat 10, 11 jeung 12.
Pikeun ngahudangkeun tulang-taleng sina paung janggelek deui balik ka asal cukup ku ngahoangna hatong sakali, atawa ku neretetna sora tarompet sakali, nu ditiup ku Malaikat Israfil. Rek disebut sangkakala meunang, rek disebut tarompet meunang, rek disebut sirine meunang, tapi sorana ngageleger tarik kacida. Sakali cukup, kabeh pating kuniang kalaluar ka bumi, tapi lain bumi nu ayeuna, jeu mah nu aya di alam aherat, da nu aya di alam dunya mah geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Kitu tafsir ungeling ayat 13 jeung 14.
Ti ayat 15 nepi ka ayat 26 Gusti Allah ngelingan urang supaya ulah mopohokeun naon-naon nu tumiba ka Fir'aun. Kisah Fir'aun kaungel dina sababaraha surat nu geus kaliwat saperti dina al-Baqa rah, Ali Imran, al-A'raaf jeung al-'Anfal. Dina waktu nu geus kaliwat kurun Nabi Musa teh panglilana ti sakabeh kurun babakuna nu ka wengku ku Millata Ibrahim. Dina kurun ieu loba pisan kalakuan manusa nu minculak, di antarana kalakuan Fir'aun jeung kanca mitrana. Mindengna ditonjolkeun kajadian-kajadian dina kurun Nabi Musa teh taya lian iwal ti panggeuing pikeun urang kumaha balukar na nu tumiba ka jalma-jalma nu basangkal di antarana nu karandapan ku Fir'aun sapara kancana.
Waktu Musa jeung kulawargana miang ti Madyan nuju ka Mesir, dina hiji peuting anjeunna ningali aya seuneu enyay-enyayan dina gawir G.Thursina. Ku anjeunna disampeurkeun. Tempat ieu teh katelahna lengkob Thuwa. Dadaksakala anjeunna nguping nu nga gentraan, aya sora tam katingalan. Tah harita anjeunna diangkat jadi Nabi jeung Rasul, terus dipaparin dua mujizat sakumaha nu geus dipedar ti heula. Anjeunna ngemban timbalan pikeun ngayakeun da'wah ka Raja Fir'aun nu liwat saking kufurna nepi ka wani ngakukeun jadi pangeran.
Cag dugi kadieu geula, Insya Allah lajeng ka termin ka-2.
Post a Comment
Post a Comment