Dina ayat 24 disebutkeun yen enggoning ngarandapan siksaan nu panas taya papadana kaom (aththaghuun) teh henteu manggihan iuh-iuh pisan, teu ngarasa aya nu tiis-tiis saeutik oge, atuh geus lir ari cai inumeun mah sok sanajan saukur sakeclak rek ti mana ayana, nu aya di dinya taya lian iwal ti cai ngagolak nu panas lir godogan timah, jeung getih campur nanah hideung cakcutreuk, bau biuk teu panas tapi sabalikna tiis becis nyerecep nepi kana sungsum, gado noroktok, cimata, reumbay, tulang sabuku-buku asa lalesotan, kulit karadak kukurayeun, kaambeu saeutik ge matak utah-uger bakating ku sebel-sebelna. Tah ieu teh nu dina ayat 25 disebutkeun (illa hamiimawwa ghassaqaa). Teu aya inumeun iwal ti hamiimaa (cai ngagolak) jeung ghassaaqaa (cai tiis becis getih campur nanah bau hanyir jeung bacin).
Kitu tah wawales pikeun kaom (aththaghuun) satimpal jeung dosana, sanajan tadina mah maranehna bulucat-balicet pikeun nyingkahan balitungan; kahayangna mah da upama geus paeh teh geus bae paeh ulah inget jeung ngarasa naon-naon saperti waktu aya di alam arwah samemeh lahir ka alam dunya. Ieu teh balukar tina nukang nonggong kana dawuhan Gusti Nu Maha Suci nu ku maraneh na dianggap bohong sataker kebek. Geura ilikan dina ayat 26, 27 jeung 28. Pek rasakeun, moal ditambahan naon-naon deui iwal ti siksaan mah. ‘Dihin pinasti anyar pinanggih, naon-naon nu tumiba ka maraneh ayeuna geus kaungel dina ayat-ayat Kami." Kitu dawuhan Mantenna dina ayat 29 jeung 30, saperti nu kaungel dina surat Shad ayat 57. Rengse nyaritakeun nu bakal kaalaman ku kaom aththaghuun, ti ayat 31 nepi ka 36 diebrehkeun pangwales nu disadiakeun pikeun kaom muttaqin. Maranehna bakal ginuluran bagja kamanyangan, gegelehcan dina pramedani empuk di taman kalangenan, lalaki nyandingkeun nu geulis, panonna herang cicikaan, kulitna hejo carulang, parawan suci beresih lir mawar kakarek ligar, dilingkung ku kebon bubuahan, kayaning aromanis, dalima, jambu kaget, anggur jeung rea-rea deui, nu rupa jeung rasana di alam dunya mah moal aya, nu sarua teh ngan ukur ngaranna. Maranehna ngarasa betah tur lugina taya papadana, ngeunah nyandang ngeunah nyanding diriung-riung ku gelung dipeuseulan ku pinareup, tuang leueut dilaladenan ku nu lalenjang, rupa-rupa kadaharan nu pelem, nu rangu, nu gahar; leueuteun nya kitu keneh aya nu amis tiis aya nu Surat 78 sora sumbang atawa omongan seungit lir ermawar jeung sajaba ti eta. Salian ti sagala aya teh katurug-turug tiis ceuli herang mata, teu aya omongan nu matak nyelekit kana ati, teu aya haleuang bohong. Kitu tah wawales pikeun jalma-jalma nu satia satuhu ka Nu Maha Agung; maranehna hirup lubak-libuk salieuk beh nu di alam dunya mah moal kapanggih. Babandingan kanimatan alam dunya jeung kanimatan alam aherat teh hiji lawan salapanpuluh salapan, da rahmatullaah nu dipaparinkeun ka urang ayeuna ngan ukur hij sedeng pikeun di alam aherat mah aya salapanpuluh salapan. Til ayat nu jadi pamungkas surat ieu, dimimitian ku tata-titi duduga prayoga para Malaikat dina mayunan Allah SWT.
Ruh nu kasebut dina ayat 38, nurutkeun sawatara mufasir nya eta Ruhul Qudus, atawa Ruhul Amin nu jenenganana mah Jibril tea Kabeh Malaikat ngajajar kumureb kalayan hormat tilawat ka Nu Maha Agung, sujud kalayan tadharru, henteu lemek henteu nyarek jempling lir gaang katincak.
Kajaba pikeun nedunan pamundut Nu Maha Agung, maranehna nyararita saperluna, blak-blakan satarabasna tara aya nu didingding kelir. Sanajan teu make basa rineka sastra tapi tetep aya dina wirah ma nu pinuh ku tatakrama.
(al-yaumulhaq) kitu ungeling ayat 39. Lain wanci nu mustari mangsa nu sampurna, tapi waktu nu moal geseh deui ti nu geus ditetepkeun ku Gusti Nu Maha Suci. Dina catetan di Loh-mah pud sim kuring geus disebutkeun rek dilahirkeun tanggal 15 Agustus taun 1918 di kampung Bangbayang Gunung, seler Sunda jauh ka bedug carang ka dayeuh, sanggeus sawawa bisa hirup macakal bakal ngumbara di Kota Kembang tug nepi ka kiwari, nyata nu geus kasorang boh nu keur kaalaman ayeuna. Tah ieu teh (al-yaumul-haq). Nu bakal kasampeur di hareup. Pa moal geseh tina titis-tulis ti azali, iraha bakal dipundut ku N Kagungan, bakal ngambah alam barjah jeung cunduk ka alam aherat.
Ieu teh kabeh kaasup kana maotna mawa iman atawa pati patitis nu tatas ka kalanggengan, jeung saha nu maot dina kakufuran nu disebut pach kasarad tea, engke bakal bukti dina yaumiddiin, tah ieu teh (al-yaumulhaq). Sing saha nu miharep pati patitis nu tatas ka kalangengan bakal milih (shiraathalmustaqiim), jalan anu lempeng, (Adzaaban qariibaa) = siksaan nu deukeut. Siksaan shiraathalladziina ar'amta alaihim) = jalan) صراط الذين أنعمت عليهم ummat nu ginuluran ni'mat Gusti. Sing saha nu hayang pach kasarad އވ. ވއ bakal nyokot jalan (al-maghdhuubi) jeung الضالين (adhdhaalliin), jalan jalma-jalma nu dibenduan Gusti jeung jalan jalma-jalma nu langlang-lingling kapaider teh bisa dibagi tilu,
1. siksaan di alam dunya,
2. siksaan di alam barjah, jeung
3 siksaan di alam aherat.
Siksaan di alam dunya nga wengku siksaan lahir-bathin, contona nu rucah teu eureun-eureun milampah jinah, ahirna kasorang panyakit kotor, mulan-malen nandangan kanyeri bari ngaluarkeun beya ratusan rebu pikeun tatamba, ditambah ku lara wirang jadi jelema nu kacida hinana kajaba lamun jadi mahluk nu kulit beungeutna leuwih kandel ti kulit badak. Tah ieu teh siksaan nu pangdeukeutna.
Hirup katungkul ku pati, tah dina keur dicabut nyawa aya siksaan sakarat, ku sabab eta urang sok ngado'a: اللهم هون علينا في (Allaahumma hawwin 'alainaa fii sakaraatilmaut) = Nun Gusti mugia abdi digampilkeun dina waktos sakarat. Terus asup ka alam kubur, jalma-jalma nu baroga dosa dihantem ku panggebug ti hareup ti tukang ku para Malaikat, nepi ka remek teu puguh rasa keuneunana. Ieu ge moal sabaraha lilana deui bakal kasampeur.
Siksaan nu katilu nya eta nu bakal ditetepkeun dina yaumiddin. Dina surat al-Ma'aarij ayat 4, sapoe dina itungan di luar alam syahadah mah sarua jeung 50.000 taun jaman ayeuna. Jadi upama diukur ku itungan ieu mah siksaan nu bakal ditetepkeun dina yaumiddin teh bisa disebut deukeut, da boa-boa moal kungsi satengah poe deui. Tah dina poc ieu sagala amal urang di alam dunya bakal nembrak, sanajan ngan sagede bakatul hiber ku urang bakal katenjo. Golongan aththaghuun bakal nenjo kagorenganana, golongan muttaquun bakal nyaksian kahadcanana. Samemch narima vonis jalma-jalma nu baroga dosa geus ting lalengis: "Mun nyaho pikieueun mah baheula teh men ding keneh jadi taneuh."
Post a Comment
Post a Comment