النَّبَإِ الْعَظِيمِ (beja penting), beja ngenaan alam dunya jeung aherat. Alam dunya kasaksi kalayan (‘ainal yaqin), alam aherat kakarek sacara (‘ilmalyaqin) ti mimiti (yaumul ba’ats) = poe dihudangkeun tina kubur, (yaumulhisab) poe balitungan dina pangadilan nu netepkeun kulak canggeum nasib, jeung (jazaa awwifaaqaa) wawales nu saluyu jeung amal masing-masing. Hal ieu the geus ka ungel dina surat shad ayat 67 nu kieu unina (qul huwa naba’un ‘azhiim) bejakeun: “Tah eta the beja penting”.
Beja penting
nu diadu renyomkeun ku urang Quraesy nurutkeun HR. Ibnu Jarir ti al-Hasan;
sigana di antara nu nyebutkeun teu percaya kana naon-naon nu bakal tumiba di
alam aherat the dina Tauret boh dina
Injil masalah alam aherat teh can diwincik sajentre-jentrena saperti nu kaungel
dina al-Qur'an. Hal ieu teh ku urang bisa kaharti sabab lamun henteu dibejer-beaskeun
dina al-Qur'an atuh rek dina naon deui da kapan teu aya Kitabullaah nu sejen
sabada nu dilungsurkeun ka Nabi panutup mah.
Marcapada ngampar lir sagebar
pramedani nu dipageuhan ku gunung-gunung itung-itung paku payung, kitu ungeling
ayat 6 jeung 7. Katembongna sacara ('ainal yaqin) lamun urang ngalayang di
awang-awang dina kaayaan alam sumedeng lenglang, marcapada teh bener-bener
ibarat amparan. Memang pangjeueung teh sakapeung sok papalingpang jeung hujjah
ilmiyah, da ari sacara (ilmalyaqin) mah marcapada teh henteu rata tapi buleud
siga kembang bodas buah bunder, sakumaha ma'na nu nyumput dina sela-sela surat
Yasin ayat 37 nepi ka ayat 40.
Kitu pangersa Nu Maha Kawasa,
Mantenna ngayuga marcapada lain pikeun heuheureuyan tapi ngandung maksud jeung
tujuan pikeun padumukan mahluk nu dimulyakeun ku Mantenna, manusa gelar
khalifah bibit buit ti Adam jeung Hawa, lain turunan kunyuk rundayan oa saperti
nu direka-reka ku jalma jalma nu teu iman kana al-Qur'an. Malar anak-anak
baranahan, rundayan Adam jeung Hawa dihaja sing papasangan, sajodona-sajodona
sakumaha nu kaungel dina ayat 8. Pria jeung wanita ginuluran ni'mat bathin, teu
kaop deukeut sok geugeut lir kaleugeut ku geutah teureup, birahi warisan Gusti
lir beusi purasani, pameungkeut kadeudeuh simpay kanyaah enggoning hirup kumbuh
laki-rabi.
Lamun lenglang tanpa
aling-aling, dina wanci wiati sariak layung, sinar palita kakalincesan, siga
lesu taya tangan pangawasa tungtungna kalindih ku indung peuting. Jalma-jalma
ngumbara neangan pangupajiwa, sanggeus laat-leet kesang sapoe jeput, terus
ngalempengkeun tulang tonggong ngareureuhkeun cape di pangrereban; nu kerck
patembalan pating salegor bakating ku ni'mat sok sanajan sakadar ngajepat dina
samak saheulay. Geura ilikan dawuhan Nu Rahman Rahim dina ayat 9 nepi ka ayat
11.
Jagat raya ungeling ayat 12
ngawengku 7 langit. Ari nurutkeun harti harfiyah mah nya eta 7 cakrawala nu
katenjona siga pisan ka luhur lir payung, kolongna ngemplong dieusian ku
mangpirang-pirang bentang jarah nu pipindahan. Sakuriling bungking mun ti
peuting langit beresih katembongna ceples pisan siga lawon bulao ngora ditaretes
ku mutiara, pamandangan agung di jagat raya nu endah taya papadana. Kabeh
dijaga diriksa ku Nu Maha Kawasa, kitu ungeling dawuh Mantenna nu aya dina
surat al-Mu'minuun ayat 17. Wiati nu kasaksi sacara 'ainalyaqin dicaangan ku
palita akbar nu katelah panonpoe tea. Tah ieu teh kaungel dina ayat 13. Manfaat
na susah direka ku basa, nu geus jelas nyata tur karasa moal aya tatali hurip
jeung kahirupan lamun seug ieu palita diteu-ayakeun. Komo jaman kiwari mah ku
para pakar anu motekar geuning cahaya na bisa dialap manfaatna pikeun
ngahudangkeun tanaga listrik. Tah ayeuna mah beuki natrat manfaatna, mun
beurang kasilih ku indung peuting, sanajan palita teu nembongan, cahayana mah
nyaangan sabuder imah.
Ari dina basa bujangga mah
langit teh sok didangding diibarat keun 7 hambalan nu pangluhurna tembus ka
Karajaan Nu Maha Ghaib, nu panghandapna pangdeukeutna ka urang dianggit make
rineka sastra majarkeun teh lir ibarat reregan sutra paul kembang bodas ditaretes
ku mute pating kariccup. Kitu di antarana mungguh dina tulisan anggitan mah
pikeun panganteb kana dawuhan Nu Maha Agung dina surat ash-Shaffaat ayat 6.
Tapi upama dipeleng ku panon
bathin mah 7 langit teh ngan dung harti pirang-pirang lambang rohaniah di
luarcun alam syahadah da geuning basa Rasulullah saw mi'raj anjeunna patepang
jeung Nabi Ibrahim, Nabi Musa, Nabi 'Isa jeung sajaba ti eta. Itungan tujuh teh
dina basa Arab mah teu salilana bener-bener 7, sok dipake dina hi. nu maksudna
pirang-pirang. Jadi upama dipake pikeun alam syaha dah sigana mah ngandung
ma'na pirang-pirang awang-awang nu aya di antara bentang-bentang jarah nu
jumlahna nurutkeun para pakar nu pangahirna mah mangtrilyun-trilyun.
Ayat 12 jeung 13 ieu teh olaheun
urang sing bisa ngajadikeun disiplin elmu. Alam syahadah nu sabagian leutik
geus ditataan boh alam suflina boh alam alawina, umurna geus jutaan taun, tapi
paran dene kitu tug nepi ka kiwari teu rengrot-rengrot ku weweg-wewegna
sakumaha nu kaungel dina ayat 12. Nya kitu deui palita nu nyaangan tata-surya
urang geus jutaan taun ngemban pancenna, tapi henteu lesu. Damar mah sok aya
pareumna, teu kaop katiup angin atawa beakeun minyak, lampu listrik nya kitu
keneh sok aya kabakarna. Boh damar boh listrik teu eureun-eureun menta beya,
sedeng palita alamiyah mah tara pareum kaanginan atawa beakeun minyak, keu
keureunccuman siga neon rek kabakar ge tara, katurug-turug gratis teu kudu
dibeyaan, caangna walatra ka mana-mana.
Ayeuna disambung ku kurnia nu
kaungel dina ayat 14 nya eta cai. Masalah cai teh kaungel dina sababaraha puluh
ayat. Ieu teh hiji ciri yen cai teh kacida pentingna. Geura upama ku urang
dilenycpan, mun teu aya surya jeung tirta mah moal aya tatali hurip jeung
kahirupan. Dina surat al-Anbiya ayat 30 mah jelas pisan disebutkeun yen
huluwotan sugri nu kumelip di alam pawenangan teh kapan cai. Tancuh garing tur
teuas ngabaketrak lantaran kahalodoan mulan malen, ana geus bascuh katinggang
hujan nu ngucur ti awang-awang, teu mangkuk sabaraha lilana renung sisikian
pating parentul, dada hanan sarirungan lila-lila rampak ngarampidak, pakcbonan
hejo lembok diselang-seling ku pasawahan jeung rupa-rupa palawija, kitu tah
ungeling ayat 15 jeung 16. Urang lembur subur ma'mur, raweuy beuweungeun rambay
alacun, hasilna diwalatrakeun ka urang kota. Tah ieu teh ni'mat Ilahi nu aya di
marcapada. Tapi sok hanja kal, manusa nu teu syukuran sok loba tingkah nu
minculak, sarakah ngumbar pangajak syetan, gunung-gunung digundulan nepi ka
baro lenang, balukarna cinyusu ngaleungit, lamun datang usum ngijih cal hujan
ti suklakna ti siklukna langsung palid ka walungan nepi ka ngagulidag mudal ka
mana-mendi, pasawahan jeung pilemburan salin rupa jadi sagara. Cai teh mahala
mahayu, geura ilikan dawuhan Gusti Allah dina surat Ibrahim ayat 7 لَئِنْ شَكَرْتُمْ
لأزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ (Lain syakartum la azidannakum wa lain kafartum inna 'adzaabii
lasyadiid) = Satemenna mun maraneh syukuran tanwande Kami bakal nambahan kurnia
pikeun maraneh, tapi mun maraneh kufur satemenna siksaan Kami teh pohara
beuratna.
Dina ayat 17 disebutkeun yen
alam aherat nu pasti bakal kasampeur teh dimimitian ku (yaumulhisab), poe
balitungan nu netepkeun kulak canggeum nasib diri satiap insan. Iraha irahana
mah moal aya nu terang kajaba ti Nu Maha Uninga, tapi pasti bakal kajadian
sanggeus Malaikat Israfil niup tarompet. Para ahli kubur, ku pangersa Nu Maha
Kawasa, pating kuniang harudang terus ngabrul diabringkeun sina kumpul di
Padang Mahsyar. Tah ieu kaungel dina ayat 18.
Langit nurutkeun pangjeueung urang
taya lian iwal ti awang awang nu ngemplong molongpong taya watesna. Naha langit
nu mana nu bakal dibukakeun teh? Naha sakumna langit nu pirang-pirang lobana?
Atawa naha langit di luar alam syahadah jeung naon balukar na? Akal pikiran
urang can bisa mere jawaban nu pasti naha langit di alam ghaib kaasup kana nu
dimaksud dina ayat 19 ieu naha hen teu. Tapi upama ngan langit di alam syahadah
wungkul, ku urang bisa kasawang kumaha kaayaan astronomi waktu harita. Langit
nu melengkung siga payung nurutkeun pangjeucung urang ayeuna, tanwande moal aya
deui. Sigana mah bener nu dimaksud di dieu teh langit alam syahadah da geuning
dina ayat 20 disebutkeun yen gunung-gunung nu sakitu tohagana bakal leungit
tanpa lebih ilang tanpa karana, nu aya sakadar (saraaban) hartina fatamorga na
atawa hayalan. Ayat ieu jelas nuduhkeun yen alam dunya bakal musna, asal teu
aya balik deui jadi teu aya, nu ilahar disebut kiamat kubra tea. Saterusna
nurutkeun sawatara mufasir cenah Gusti Nu Maha Kawasa bakal ngersakeun ngadamel
alam dunya nu anyar. Bener henteuna wallaahu'alam.
Sanggeus kiamat kubra, sakumna
ummat manusa asup ka alam barjah babarengan jeung nu geus nyampak araya di
dinya. Geus kitu kabeh dihudangkeun terus digiring ka Padang Mahsyar sakumaha
nu geus dipedar dina ayat 18 di luhur. Tah ayeuna geusan mulang jalma-jalma
golongan (aththaghuun) nu aya dina ayat 22 geus disadiakeun nya eta naraka
jahanam nu nungguan maranehna. Di dinya maranehna bakal disiksa mangabad-abad;
aya nu bakal tetep renggenek moal ingkah balilahan, tapi aya oge nu bakal meunang
safa'at, nya eta nu kaasup golongan nu dipastikeun bakal jadi ahli sawarga
nurutkeun hadits nu kieu ungelna:
(Man maata wa huwa ya'lamu
annahu) = Sing saha nu maot bari maneh na ngarti kana ma'na (laa ilaaha
illallaahu dakhalal-jannah) = laa ilaaha illallaah pasti bakal asup ka sawarga.
(aththaghuun) teh jalma-jalma nu doraka lantaran wangkelang nukang nonggong ka
Yang Manon. Jalma-jalma nu hubbud. dunya liwat wates wangen. Ayeuna ge pirang-pirang
(muslimul'aashi) nya eta ngangken Islam tapi ninggal ibadah, ahlakna bejad,
tunggul diparud catang dirumpak henteu nolih kana batal haram, babadog, mabok,
ngadu jeung lalacuran. Lamun kabeneran boga kakawasaan sok adigung adiguna asa
aing uyah kidul. Tindakanana sawenang-wenang, ari nyarita siga someah murah
seuri dijieun jieun pikeun mindingan beungeut ku sawcuy.
Lamun urang aya di sagara wedi,
kokolopokan garingeun tikoro, mangkaning panas poe mentrang mentring, henteu
aya iuh-iuh, sakuriling bungking batu jeung keusik panas nereptep, sanajan
reunceum ku perhiasan, mawa duit sajingjingan ge moal aya nu bakal bisa dipake
tatalang raga, nu pasti mah bakal kadungsang-dungsang teu puguh rasakeuneunana.
Tah icu di alam dunya, sedeng siksaan dina naraka mah duka sabaraha rebueun
atawa jutacun beuratna siksaan di dunya.
Cag dugi kadieu heula, insya Alloh lajeng kana bag ka-2na.
Post a Comment
Post a Comment